Kamis, 19 Juli 2012

Dulang Kuring

Hanjakal-hanjakal pisan
Papeugatan sareng Intan
Beak dengkak adug-adugan
Kuring hayang balikan deui

Gulang-guling teu bisa sare
Ajol-ajolan hayang nu lain (Nuryani)
Rek der jadi bet hararese
Kudu kaselang ku batur

Ngajerit maratan langit
Nyalahkeun polah sorangan
Pupujieun ngumbar amarah
Ari hate mah da cinta pisan

Ngoceak maratan jagat
Ku teu wasa narimakeunna
Ku teu rido babarenganna
Kuring teu kiat ningalina

1 komentar: